PURWAKARTA, AYOBANDUNG.COM – Kurupuk RO bisa disebut kadaharan jadul nu ngalegénda. Tapi, tong salah nu raresep kana camilan khas Jawa Barat ieu masih loba kénéh. Di unggal daerah, kurupuk RO masih diproduksi, kaasup di Kabupaten Purwakarta.

Di Purwakarta, kurupuk nu ilaharna warnana beureum jeung bodas ieu diproduksi di Desa Sempur, Kecamatan Plered. Ampir kabéh masarakat Desa Sempur nyieun kurupuk RO. Turun-tumurun. Bakat ku loba nu nyieun kurupuk RO, atuh nepi ka sakampung ieu disebut Blok RO.

"Ampir kabéh warga Blok RO nyieun kurupuk RO. Usaha kurupuk RO bisa nyereup pagawé loba," ceuk (27) Eén Nuraéni salah sahiji perajin kurupuk RO Desa Sempur.

Eén Nuraéni geuning lain saukur salah sahiji perajin kurupuk RO. Eén téh incu ti sang legénda kurupuk RO, Raden Omay. Raden Omay téh, taun 1982, nu nanjeurkeun ngamimitian ngaproduksi kurupuk RO. Apan RO téh panyingkeut tina Raden Omay.

"RO téh singkeutan tina Raden Omay. Raden Omay nu mimiti nyieun kurupuk RO. Baheula mah kurupuk ieu téh teu aya ngarannan (merek). Tuluy, ngaranna dicokot ti Raden Omay nu disingkeut jadi RO. Ngaran RO tuluy dipaké nepi kiwari," ceuk  Eén Nuraéni.

Eén Nuraeni mangrupa generasi katilu nu nyieun kurupuk RO. Generasi kaduana nyaeta Sohibi (70), bapana Eén Nuraéni, anak Raden Omay. “Ti mimiti taun 2011 diteruskeun ku abdi,” ceuk Eén.

Kabéh dieu nakeun usaha Eén loba nu narurutan. Warga lain ogé nyarieunan kurupuk RO. Kurupuk RO ngamajukeun ékonomi masarakat.

Nyieun kurupuk RO dimimitian ku nyieun adonan tarigu. Tambahkeun bungbu dapur. Tuluy, citak nurutkeun ukuran. Geus kitu, poékeun dina panonpoé nu panas dua atawa tilu poé mah.

Eén Nuraéni ngaku, unggal poé ngaproduksi kurupuk RO. Loba paménta ti konsumén. Sapoéna, Eén bisa nyieun kurupk RO teu kurang ti 70 nepi ka 80 kilo gram. Malah bisa nepi ka 100 kilo gram mun keur ramé. Tina hasil usaha kurupuk RO, Eén bisa meunang omzet Rp1,5 nepi ka Rp2 juta sapoéna. “Sapopoé abdi dibantuan ku 9 urang pagawé. Urang dieu wungkul," ceuk Eén.