SANAJAN ku pamaréntah teu meunang mudik, ah da geus kabiasaan kuring peré Lebaran di imah mertua. Jeung baé da bari na gé mertua kuring mah teu pati anggang--masih sakabupatén kénéh.

Biasana mah saminggu ti sanggeus Lebaran téh. Éh, kétang, satungtung loba dahareun kénéh mah moal waka balik. He he he.

Kaduana, sok ngahaja mekel rakét ari mudik téh da di hareupeun imah aya lapang badminton. Sono kana olahraga, sono kana badminton da di bulan puasa mah--sanajan bisa maén ti peuting gé--tara maksakeun maén, horéam.

Mertua téh tatanggaan jeung mantan pamaén Persib—nya nu boga lapang badminton éta. Si aa mantan pamaén Persib téh keur aya—da sarua keur liburan. Awakna jangkung badag. Keker kénéh da can lila jadi mantanna gé. Cenah, manéhna gé jago maén badminton.

Isuk-isuk—da di lapang terbuka—manéhna ngajak maén ka uing. Reuwas, mimiti mah. Tapi, teu sieun saeutik gé. Ari maén badminton mah, sanajan geus kolot gé hayu.

Prung maén. Panongton loba, komo barudak, da bari hayang nongton si aa pamaén Persib. Kabéh panongton mangmeunangkeun ka si aa pamaén Persib. Ngan budak uing wungkul nu mangmeunangkeun uing—nya enya atuh maenya budak sorangan mangmeunangkeun batur?

Nyaan nyemésna tarik—da puguh gedé tanaga. Tapi, kieu senina badminton. Manéhna ku uing teu dibéré bola cemésen. Tapi, diajak maén bola leutik "gurawil bajing" nu kok téh sing gurawil dina nét. Lamun teu nyangked kana nét, bola ku manéhna diapungkeun nu jadina tanggung. Atuh, uing kari nyocolan.

Sakapeung dibéré bola kedut nu maké tanaga ti pagelangan leungeun. Awak badagna téh ku uing dijongklok-jongklokeun. Uing meunang dua sét. 

Sanggeus maén, uing ngajak sasalaman. “Punten, Aa, pami maén bola abdi teu wantun.”

Si Aa seuri.***