NGAHULENG téh sok anteng. Bari ngadadangukeun kiricik cai leutik ti sisi sawah. Atawa curulung walungan Cipélés lebah nu nyurug. Sedot roko. Leguk kopi. Kudu kumaha atuh carita téh? Kumaha mimitina? Kumaha tungtungna? Ending cenah ceuk gayana mah. Anteng deui ngahuleng. Carita anu rada pondok asa kurang cop, nu nguriling kurang ginding. Pulpén ngagolér, keretas angger kosong.

Henteu gampang geuning jadi pangarang téh. Ngahuleng ti balik tarawéh nepi ka ampir jam sabelas, asa acan manggih waé carita anu cop jeung haté. Biasana sakali-kalieun anggeus ngarang téh apan dikotrétna sababaraha poé, caritana meunang ilham anu datang henteu kahaja. Ari ayeuna, kudu ngaréka-réka carita nepi ka tamat, dipaksakeun. Apan kitu ceuk Bunda Komala Sutha jeung Kang Elli Rusli, pangarang senior anu jadi mentor dina grup Diajar Ngarang facebook.

Ari kuring, maksakeun ngaréka-réka karangan téh, pédah waé kasumangetan ku carpon anu dimuat ku media onlén. Atoh puguh deui, da carpon munggaran anu dimuat. Sumanget, apan ieu ogé peuting katilu, unggal balik tarawéh, léos téh tara ka kamar kontrakan, tapi ka warung kopi sisi walungan Cipélés. Acan kénéh meunang jalan carita anu cop, komo deui ngotrétkeunana.

Enya ogé kitu, jol-jol betah puguh ogé kakara saminggu di Sumedang téh. Najan teu boga kawawuhan akrab, tapi jeung nu kakara panggih ogé ngobrol téh sok ramé waé. Jeung Kang Jani, anu boga warung kopi téa, kamari mah apan ngobrol téh nepi ka tengah peuting.

“Saur mah ka dieu wé, riweuh kudu pusuk-pasak mah,” cenah basa ngamimitian poé puasa. Kuring unggeuk bari seuri.

Dongéngna mah kuring téh keur diajar gawé di Griya Sumedang. Henteu ngahaja sabenerna mah. Keur nganteur sobat anu kuliah di Sumedang, ari pék aya béja di Griya aya lowongan salila bulan puasa wungkul. Ngasupkeun lamaran, ari pék alhamdulillah ditarima.

“Keun waé salila puasa wungkul gé. Sugan wé atuh pagawéan téh kapaké. Lamun geus normal mal, virus korona henteu ngahihileudan deui, Griya butuheun pagawé téh pasti diajakan deui,” saur Emih.

“Tapi Muklis anu dituturkeunna ogé apan moal di Sumedang cenah, Mih. Puasa mah di Bandung. Ongkoh deui bisi ulaheun bulak-balik Sumedang-Bandung deukeut ka Lebaran mah da pamaréntah aya rencana ngalarang mudik, Mih,” témbal téh.

“Keun waé henteu jeung Muklis gé. Apan manéh bisa ngeusian kamar kontrakanna, henteu kudu mayar. Bari diinjeuman motorna sagala. Emih da geus bébéja ka amang manéh.”

Kuring unggeuk. Muklis téh sobat ulin anu masih kénéh aya patali dulur jeung kuring. Ka bapana Muklih téh kuring nyebut amang, duka kumaha pancakakina mah. Nya salila di Sumedang téh kuring ngeusian kamar kontrakan Muklis di kampung Darangdan. Ka Griya kaasup deukeut, paling 5-10 menit maké motor.

Geus tilu taun saenyana kuring lulus SMK di Cicaheum. Ngalamar ka ditu ka dieu, apan keur susah pagawéan ayeuna téh. Karunya kuring ogé ka Emih. Sigana ngarep-ngarep kuring gancang gawé. Apan Emih téh ngan nyalira ngabayuan kulawarga. Adi kuring dua, kelas 2 SMK jeung kelas 2 SMP. Apih tos ngantunkeun basa kuring kelas dua SMP. Emih damel di laundry. Eta ogé sakapeung disuluran ku kuring. Tapi anu boga laundry embungeun kuring anu gawé

Kuring sorangan hayang gancang gawé téh ngarah gancang bisa ngabantuan Emih. Leuwihna hayang geura boga hp. Lain pédah teu sarua jeung batur, apan barudak sapantaran kuring mah geus lumrah boga hp. Kuring mah hayang boga hp téh ngarah gampang lamun hayang macaan carpon anu dimuat koran atawa media onlén. Apan kitu ceuk Bunda komala Sutha ogé, kudu loba maca cenah diajar ngarang mah.

Matakna atoh ditarima di Griya Sumedang téh. Asup gawé téh kabagéan sip pukul 10 beurang nepi ka pukul 5 soré. Matakna rada nyalsé. Bubar tarawéh sok gancang ka warung Mang Jani di sisi walungan Cipélés. Ngadon ngopi baru ngahuleng mikiran plot carpon téa.

Saenyana caritana mah geus aya. Meunang mekel ti Bandung kénéh. Mimitina inget kana novel Bumi Manusia karangan pangarang sohor Pramudya Ananta Toer téa. Apan tokoh Mingke dina novel éta téh sok ngarang ogé. Ari bahan caritana apan sok tina kajadian nyata. Inget ka dinya, kuring sok lila ngahuleng lamun manggih béja anu matak hookeun. Ku kituna, bahan carita téh meunang nyatetkeun tina kajadian nyata.

Ari bahan carpon ayeuna, aya dua saenyana. Tapi lantaran duanana ogé acan manggih jalan carita anu cop, matak dipikiran duanana. Duka pédah kitu meureun, hiji ogé can aya anu nyugemakeun. Henteu museur.

Carita kahiji ngeunaan Nini Usih. Pikasediheun carita Nini Usih téh. Hirup nyorangan. Imahna panggung, cenah dipangnyieunkeun ku tatanggana jeung aparat désa. Anu matak jadi carita, Nini Usih téh dipapagkeun ku pulisi. Dilaporkeun ku batur salemburna, pédah maok gedang atah ti kebonna. Ari anu ngalaporkeun téa, alesanna mah ngarah kapok cenah. Jeung ngarah henteu aya deui anu wanieun puak-paok di kebonna.

Warta ngeunaan Nini Usih téh kungsi viral dina medsos jeung media massa. Ari kuring, ti mimiti ogé kabéngbat ku carita Nini Usih téh. Lain saukur pédah cirambay waktu maca wartana, tapi ogé apan lembur Nini Usih téh henteu jauh ti imah kuring di Cicaheum. Malah kuring kungsi ngahaja ulin ka kebon anu tangkal gedangna dipaok Nini Usih téa. Ogé ka imah Nini Usih, tapi narutup da cenah Nini Usih téh diperenahkeun ku bapa Kapolrés anu karunyaeun. Bari cenah keur diusahakeun pikeun diputus sacara kakulawargaan.

Carita kadua, ngeunaan Aki Solihin. Ieu mah henteu jauh ti imah kuring. Matak warta Aki Solihin téh asa keuna pisan kana haté kuring. Aki Solihin ogé sarua dilaporkeun ka pulisi. Alesan laporanna penipuan. Aki Solihin téh nyéwakeun wangunan anu terusna dijieun warung. Geus taunan nyéwakeunna téh. Ari taun ayeuna, sabada dibayar séwana, ku Aki Solihin téh dipulangkeun deui. Eta wangunan téh moal diséwakeun deui, rék dijual waé. Pédahna, éta wangunan téh warisan ti kolotna Aki Solihin anu kudu dibagikeun ka adi-lanceukna ogé.

Anu matak tugenah, anu ngalaporkeun Aki Solihin téh, putrana ku anjeun. Eta bahan caritana mah. Diréka-réka téh diluyukeun jeung suasana Lebaran. Kabayangkeun téh, dina Lebaran mah saréréa ogé ngéléhan. Anu ngalaporkeun Nini Usih, apan manéhna téh jelema aya, mobilna ogé sababaraha hiji cenah di garasina. Sigana dina Lebaran mah kageuing haténa. Nini Usih téh ngaku ngala gedang atah, keur disayur cenah. Sigana ku anu ngalaporkeun téh kapikiran, boa Nini Usih téh nyaan henteu boga nanaon pikeun dipasak, boa henteu aya nanaon pikeun didahar.

Aki Solihin ogé kitu, pantesna téh dina Lebaran mah kulawargana ngumpul. Silih hampura silih gabrug bari balilihan saréréa ogé. Aki Solihin, da puguh kolot, pastina hampurana salega dunya. Budakna, atuh da ka kolot, maenya henteu katoél haténa. Kabayangkeun téh, boa henteu saukur dulur-dulurna, tapi ogé tatanggana milu ngariung bari saréréa ogé henteu kuat nahan anu nyelek dina tikoro. Boa aya anu ngagoak ceurik auk-aukan.

Eta anu hésé téh. Nyaritakeun kasedih siga kitu. Padahal mah sababaraha kali ngabayangkeun caritana, boh ngeunaan Nini Usih boh ngeunaan Aki Solihin, kuring sorangan sok tara kuat. Panon téh ujug-ujug panas. Atuh anu ngalémbéréh dina pipi sok gancang diusap bari tungkul, sieun kanyahoan ku batur.

Peuting kasaminggu puasa mimiti wani ngotrétkeun carita téh. Henteu hiji. Duanana sakaligus malah. Carpon ngeunaan Nini Usih jeung carpon Aki Solihin, duanana dikotrét. Sumanget nulis téh sabada aya transfer 150 rébu kana rékening, honor carpon kuring anu dimuat média onlén téa.

Duanana carpon téh ampir sarimbag saenyana. Endingna pikabungaheun. Apan suasana Lebaran téa, siga anu tadi dicaritakeun. Silih hampura, silih lubarkeun kasalahan. Anu héséna, lebah loba pikasediheun téa, alhamdulillah kaliwat. Carpon dina sababaraha lembar keretas HVS téh digulung, dikarétan. Engké di Bandung carpon téh dipindahkeun diketik dina laptop Muklis bari sakalian milu ngirimkeunna. Kitu biasana ogé.

Geus réngsé mah dituliskeun, ngemplong haté téh. Enya ogé henteu bisa balik méméh Lebaran. Saenyana peutingan Lebaran téh pagawéan geus réngsé. Honor langsung dibagikeun. Tapi rék langsung ka Bandung téh asa capé. Ongkoh cenah di sababaraha tempat dijagaan, henteu meunang mudik téa.

Isukna sabada solat Idul Fitri, sabada milu sasarap kupat jeung opor hayam di imah Mang Jani, biur waé ka Bandung. Henteu ngaliwatan jalan raya da pasti dijaga kénéh. Tapi maké jalan sisi ka Rancakalong, bras ka Tanjungsari, méngkol deui jalan sisi nepi ka Jatinangor. Geus ngaliwat ka Cileunyi mah dianggap nyaan urang Bandung ku anu jaga ogé da apan plat nomer motor ogé D.

Emih mani nangkeup pageuh barang kuring datang téh. Atuh kuring nyuuh dina lahunanana bari rambisak. Honor téh henteu kungsi dibuka amplopna, dibikeun kabéh ka Emih. Angkanan téh keun baé kuring mah da aya harepan tina carpon anu anggeus dikotrét téa.

Di imah téh saukur milu dahar nasi kuning pasakan Emih. Hayang geura ka imah Muklis milu ngetik. Gulungan keretas carpon téh dipésakan.

“Mih, ari Aki Solihin kumaha tadi? Di bumina sigana ramé, nya?” tanya téh bari diuk gigireun Emih. “Emih ka ditu teu sabada solat?”

“Ramé pisan, ku anu careurik,” saur Emih dareuda. “Tatanggana anu daratang ka bumi Aki Solihin anu careurik téh. Apan aya putra bungsuna di bumina téh.”

“Ari Aki Solihinna ka mana?”

“Puguh ogé apan ayeuna mah geus diputus jadi tersangka. Anu ngalaporkeun putra cikalna, anu jadi pengacara putra kaduana.”

Kuring molohok.

“Puguh ogé di urang téh asa jadi kieu,” saur Emih semu merenyéng. “Ka kolot téh mani taya ras-rasan. Nini Usih di tonggoh apan pira ogé ngala gedang atah saharga lima rébu pérak, angger ka baléwatangan, da anu ngalaporkeunna embung ngabolaykeun laporan, komo ngariung kekeluargaan.”

Kuring beuki molohok. Asa jauh tina sangkaan. Jauh tina lamunan. Keretas carpon téh dikodok, terus dirames. Henteu wasa ngetikeunna ogé. Kuring nyuuh kana lahunan Emih, terus ngagukguk.

“Ari manéh ku naon? Kuduna ogé Emih anu ceurik mah. Emih anu geus kolot mah, jadi loba kasieun siga Aki Solihin sieun siga Nini Usih. Bandung téh ayeuna mah lain saukur heurin ku tangtung, tapi ogé heurin ku anu bingung.”

Kuring kalah beuki ngagukguk. ***

Rancakalong, 4 Mei 2021

 

YUS R. ISMAIL, ngarang carpon, sajak, novél, dina basa Sunda jeung Indonésia. Carponna pangpangna mindeng dipublikasikeun dina majalah Manglé, Tribun Jabar, Sunda Midang, Galura,jeungPikiran Rakyat. Carpon na geus ngaratus. Sabada ngobrol jeung C.W. Watson, Yus asa kahatéan pikeun narjamahkeun carpon-carponna kana basa Indonesia.

Lima carponna ditarjamahkeun kana basa Inggris ku C.W. Watson, terus dimuat dina majalah The Malays and Indonesians Worlds jeung buku Miss Maya and other Sundanese Strories (Kiblat, Desember 2014, Lontar 2019). Puluhan bukuna terbit dina basa Indonesia. Tapi dina basa Sunda mah acan hiji-hiji acan, cenah hésé nimukeun penerbitna.

Yus ayeuna nganjrek di Rancakalong (Sumedang).