NASRUDDIN Hoja kacaritakeun rék Jumaahan deui. Tapi ayeuna mah jumaahanna bari ngabringkeun murid-muridna. Atuh da murid-muridna téh barandel pisan. Salat Jumaah gé kudu dikeprak-keprak waé.

Angger, Nasrudin numpak keledai kameumeutna.

“Tapi, asa teu panteus kuring cicing di tukang, sedengkeun murid-murid kuring ngabring di hareup. Asa teu nyontoan hadé …?” gerentes Nasruddin. “Tapi, lamun kuring di hareup, kalakuan murid-murid kuring moal katalingakeun …?”

Oh, … Nasruddin boga ide. Nasruddin tetep di hareup. Tetep numpak keledaina. Tapi, Nasruddin numpak keledaina bari nyinghareup ka murid-muridna di tukang.

Murid-murid Nasruddin ngarasa anéh. “Cageur si Guru téh kitu?” gerentes hiji muridna panasaran. “Guru, naha numpak téh nyinghareup ka tukang? Teu ka hareup?” muridna nanya.

“Oh, henteu nanaon. Teu aya nu anéh. Kuring geus nyinghareup ka arah nu bener. Tapi, keledai kuring nu nyinghareup ka arah nu salah,” témbal Nasruddin.