MARWAN keur teu “hadé” jeung Élis, pamajikanna. Gara-garana, biasa, klise: timburu.

Basa Marwan balik ti réuni SMA, Élis nyegat di hareup imah. “Panggih jeung si éta nya? Ngaku?”

“Enya panggih.”

“Jadian deui?”

“Ka mana waé manéh mah. Maenyalah geus kolot kieu begér deui?”

“Maké jeung maenya? Loba lalaki kabéngbat ku kabogoh baheula!”

“Nya loba. Tapi, Akang mah henteu. Sumpah.”

“Sumpahna béda!”

“Ah, geus lah.”

Marwan ngejat. Teu jadi ka jero imah. Clak kana motor n-maxna. Biur.

Élis teu puguh rasa. Asa salah. Tapi, asa bener ogé. Di imah teu pararuguh. Dua budakna sarakola. Élis dangdan. Rap ka tiung kameumeutna. Panto dikonci. Jung, indit.

Geus rék magrib, Marwan lapar. Inget lebah dinya aya tukang baso tahu énak. N-maxna diparkir. “Mang, saporsi,” ceuk Marwan bari sup ka jero ténda.

Di jero, Élis keur calik dina korsi, tuang saporsi baso tahu.

Saterasna mangga kumaha pamiarsa da di tukang baso tahu éta pisan cinta manéhna baheula ngajadi.