AYA tugas ti kantor kudu ka Yogyakarta. Mondok di hotél béntang opat, teu jauh ti Malioboro. Saméméhna tara meunang tugas ka luar kota bari jeung kudu pundak pondok.

Enyaan alus. Asup kamar kudu ngagésék kartu. Sup ka jero, tempat saré meni beresih naker. Golédag nyobaan kasurna. Empuk. Dienyod-enyod. Emh, tapi asa genah saré di kasur di imah sorangan.

Rémot dicokot. Mencét power. Tipi LED 32 inci téa hurung. Meni alus gambarna. Éh, tapi asa alus tipi nu di imah bari jeung jadul sarta 20 inci ogé.

Geus reureuh, terus ka kamar mandi. Anduk bodas, sabun, sikat gigi aya. Badé cipanas, citiis, atanapi cihaneut sayogi. Badé ngeueum, mangga. Badé dipancuran, pek baé. Emh, asa seger mandi di imah sorangan.

Wengi na ngopi di kafé hotél. Sacangkir 60 rebu. Emh, tapi asa nikmat kopi nu diasongkeun ku pamajikan di imah.

Saméméh saré, aya patugas hotél keketrok. “Pak, apakah perlu teman wanita?”

Kuring godeg bari nutupkeun panto. Inget ka pamajikan, barudak, jeung imah tipe 21 di Soreang.