Tabuh sawelas réngsé masak téh. Méja pinuh ku dahareun: sangu bodas pulen; tamusu jeung babat raweuy kabeuki si Anas, si sulung nu ayeuna jadi anggota dé-pé-ér-dé; pais hayam anu loba bawang daunna kabeuki si Nyai nu ayeuna jadi dosén; sayur asem nu rada lada saeutik, kabeuki si Pram, si bungsu, nu ayeuna jadi atlit badminton. Kuduna mah nyadiakeun téh hiji deui, pais asin jeung sambel nu lekoh, kabeuki budak nu nomer tilu, Kartawi. Tapi, ah teu jadi da budak ieu mah geus dilapurkeun. Geus tilu Lebaran teu nongol-nongol ka imah. Malah basa bapana maot gé teu aya. Aya nu ngomong budak nu ieu mah, cenah, jadi préman.

Tadina mah horéam masak téh. Ngan inget pesen Anas ti heula. “Ma, pas ulang tahun Ema mah masak lah sing ngeunah. Engké barudak rék ka darieu. Si Nyai jeung si Bungsu rék ditelepon sina ka dieu,” pokna bari ngeupeulan duit 500 rébu ka Ema. Ema unggeuk.

Ah, meureun si Aa téh datangna jam duaan. Sibuk meureun. Lilin diseungeut, disimpen di tengah méja. Ema lohor heula tuluy ngagolér di korsi panjang. Jam opat hudang. Asar heula. Lilin ampir rék béak sapotong meuleum dirina sorangan.

Gék, Ema diuk dina korsi.

Telepon disada. Anas nelepon.

”Ma, hampura teu tiasa ka dinya. Aya rapat paripurna. Indungna jeung barudak gé teu bisa da aya arisan, cenah. Hampura, Ma. Ari si Nyai jeung si Pram geus datang? Naha nya?” Anas nutup teleponna.

Ah, meureun si Nyai jeung si Bungsu mah bisa. Engké peuting meureun. Ema ngagolédag deui di korsi panjang. Bener, ceuk kolot baheula, geus kolot mah balik deui ka nyorangan. Tina simpé balik deui ka simpé.

Bérés wiridan Isya, si Nyai jeung si Pram teu embol-embol. Ah, sakeudeung deui meureun. Noong tina jandéla, bulan katingali buleud. Gardéng ditutup. Lilin geus pareum. Dahareun geus tariis. Barudak can datang. Sanajan lapar, Ema teu hayang nyocéng dahareun. Ah, baé teu datang barudak mah dahareun téh isuk rék dibagikeun ka tatangga. Ema kokonci. Gardéng disingkabkeun ningali di luar—aya bulan buleud. Ema asup ka jero kamar.

Jam 10 aya nu keketrok kana panto. Ema hudang. Panto dibuka. Kartawi, meni kucel.

“Ma, hampura abdi. Selamat ulang tahun, Mak,” pokna bari nyium leungeun katuhu Ema. Kartawi méré bungkusan.

Ema asa teu napak. Manglila cicing bari mencrong ka budak nu paling teu dipikanyaahna.

Kartawi dahar. Deungeunna ampir sagala dicobaan. “Ngeunah, Ma, dahar téh. Ngan hanjakal teu aya pais asin jeung sambelna,” pokna. “Si Aa teu ka dieu? Geus jadi pajabat mah sibuk, Ma.”

Ema ngagéléng. Di juru panon Ema aya nu nyongcolak hérang. Ema nyeri haté—kaduhung teu mais asin jeung nyambel nu ledok.

Ema asa teu napak. Manglila cicing bari mencrong ka budak nu paling teu dipikanyaahna.
Kartawi dahar. Deungeunna ampir sagala dicobaan. “Ngeunah, Ma, dahar téh. Ngan hanjakal teu aya pais asin jeung sambelna,” pokna. “Si Aa teu ka dieu? Geus jadi pajabat mah sibuk, Ma.”
Ema ngagéléng. Di juru panon Ema aya nu nyongcolak hérang. Ema nyeri haté—kaduhung teu mais asin jeung nyambel nu ledok.